Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak Sunda Anaking Jimat Awaking, Pepatah Sunda Pepeling Diri Bikin Merinding

Sajak sunda anaking jimat awaking, pepatah sunda pepeling diri - Berikut ini kumpulan quotes, kutipan mutiara bahasa sunda, pepatah sunda anaking jimat awaking, papatah kolot ka anak, dan Sajak sunda anaking jimat awaking, pepatah sunda pepeling diri. "Arti kata anaking" dalam bahasa indonesia adalah seorang anak, "jimat" adalah yang paling disayangi oleh kedua orang tua,"awaking" adalah badannya.

Berikut Sajak sunda anaking jimat awaking, pepatah sunda pepeling diri yang bisa dijadikan sebagai caption, status fb dan wa dan lain-lain nyah.

Sajak Sunda Anaking Jimat Awaking, Pepatah Sunda Pepeling Diri Bikin Merinding

Anaking jimat awaking..

hideup kudu reueus hirup huripna ngajadi diri anjeun sorangan, raksa periksa amarah hideup nu ngabalukarkeun, kaduhung teu mangih tung-tung, jalanan hirup ku haandap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu di piboga ku hideup, Panon Dina nempona, Ceuli dina dedengeunana, letah tina ucapan nana, Leungeun tina cacabakan nana,
Suku tina lalampahan nana, Jaga riksa lengkah paripolah tinu hal anu meutak ngaraheut keun kana manah batur, Ngarah hideup hirup loba dulur akur jeung saleumbur.

Baca juga : 15 kata mutiara bahasa sunda kahirupan pepeling sunda bikin merinding

Anaking..

Ulah poho, jaga, riksa kaluhungan alam dun'ya, Da gusti anu maha Suci nyiptakeun alam dunya teh pikeun diropea estuning keur hirup huripna hideup jeung papada umat na..

Anaking jimat awaking..

Ngajalanan hirup hurip di alam dunya teh henteu gampang, Hideup moal salawasna ngajalanan datarna hirup, Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan, Omat, hideup ulah kupur, Salawasna eling kanu maha agung, nyembah kanu maha kawasa, Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang.

Anaking jimat awaking..

Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar du'a anu mustajab pikeun anak-anak na ngarah hirup pinanggih jeung kabagjaan, Kajeumbaran pikeun pibekeuleun dina engoning ngajalanan sagala kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu silih asah, silih asih, silih asuh, Silih talingakeun nya diri, silih simbeuh nya ku kadeudeuh, Deuheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia, ulah rek pasalia paham, hamo nepika papaseaan.

Baca juga: 18 Sajak Sunda Pepeling Diri : Pepeling Sunda Sedih Bikin Merinding

Anaking jimat awaking..

Omat, iyeu peupeujeuh keur hirup huripna hideup salawasna, bral anaking... jalanan hirup huripna hideup, sugan jeung sugan hideup bisa ngajadikeun diri hideup jadi manusa nu unggul, sing sumangeut jeung ulah epesmeer, ingeut pan aya alloh nu salawasna nang tayungan hirup urang, dunya teu loba jiga batur tong hariwang jeung aral subaha, meuning lobakeun ibadah hirup di dunya mah kabeh oge moal lila, keun jaga estu alloh bakal ngaganti ku kanikmatan nu teu aya bandingan nana, Loba jalma nu di sanjung pedah dunya na luyah-layah tapi hatena paciweuh jeung kasusah ati pabeulit jeung urusan duit, hirup loba di gogoreng jeung di nyeunyeuri ku batur omat, ulah di baleus justru eta keuseumpeutan keur nguji hate urang, lada nyeuleukit kanu ati mah jamak, ngarana oge jalma hirup wajar mun ngarasakeun kanyeuri ati, pan ngeunahna sehat teh ku enggeus ngarasa keuna geuring, rek kumaha ngarasa ngeunahna hate, lamun teu ngarasaken peurihna hate, nyieun kahadean ge sing ati-ati, utamakeun ka ikhlaskan hate, mun euweuh maksud ngajak batur kade tong sagala hayang kanyahoan ku batur justru eta nu mawa cilika. Gera deukeu tan alloh ku jalan ibadah anu khusyu, gera beresan hate ku jalan loba ngingeut-ngingeut dosa, geura lobakeun kahadean, keur beukeul jaga urang balik, prak, geura itung umur, etang nyuswa ayeuna sabaraha tahun, geus boga amal keur jaga di akherat, naha yakin hirup bakal salilana, yakin moal balik ridho mun anak turunan urang kabeh di gebruskeun kanaraka, naha sanggup nyaang hareupan panasnaa seuneu narakaa, rek iraha atuh eling, lamun lain ayeuna, urang keur hirup di alam dunya.