Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

18 Sajak Sunda Pepeling Diri : Pepeling Sunda Sedih Bikin Merinding

Sajak Sunda Pepeling diri pepeling sunda sedih bikin merinding - Berikut ini adalah pepeling sunda keur anak, kata kata pepeling sunda bikin merinding, pepeling sunda kahirupan, pepeling sunda sedih pisan, sajak sunda anaking jimat awaking, pepeling sunda buhun, pepeling sunda ngaji diri, pepeling ti indung, dan Sajak Sunda Pepeling Diri, Pepeling Sunda Sedih Bikin Merinding yang dapat dijadikan sebagai updet status di Facebook, caption instagram, story whatsapp, dan status media sosial lainnya.

Pepeling sunda keur anak, sajak sunda anaking jimat awaking.

1. Hideup keudah reueus hirup sareung huripna ngajadi diri anjeun sorangan. Raksa jeung pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Dina jalanan hirup kudu handap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dedengeun, Letah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun.

2. Omat ieu papatah keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking  jalanan hirup huripna hidep. Lamun jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa nu Unggul.

3. Anaking Hidep kudu sadar, ngajalanan hirup jeung hurip di alam dunya teh heunteu babari. Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep ulah kupur. Salamina kudu ingeut kanu Maha Agung, kudu sujud kanu Maha Kawasa. Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang.

kata kata pepeling sunda bikin merinding, pepeling sunda buhun.


4. Sanajan urang paanggang, hate mah paanjang-anjang. Sanajan urang
papisah, kanu maha kawasa mah urang sumerah kudu ibadah.

5. Ngaji jeung ngejo kudu saimbang, Ngejo parab awak, Ngaji parab ahlak. Ngejo te ngaji pasti sasar. Ngaji te ngejo pasti lapar. Teu ngaji te ngejo pasti modar. Jadi tong ngeluh ku karipuh, Tong asa ka kateuluh ku kaayaan anu ngaluluh. Pasrah kanu kawasa, ngaku salah menta pitunjuk arah ameh teu salah lengkah!

6. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung
sukur.

7. Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.

8. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman, niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.

pepeling sunda kahirupan, pepeling sunda ngaji diri.


9. Hirup jeung pada manusa kudu silih asih jeung kudu babareungan dina milampah kahadean.

10. Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya ka bungah.

12. Sing ingeut yen alloh deukeut jeung urang, pasrah keun ka alloh rencana alloh mah leuwih alus tur endah batan rencana urang manusa.

13. Sok aya waè harepan pikeun jalma anu sering nga do'a, aya waé jalan pikeun jalma anu sering usaha.

14. Henteu aya anu langgeng di dunya ieu, ka asup masalah anjeun, nak sing Sabar. bakal éndah dina waktosna.

Pepeling sunda sedih pisan, pepeling ti indung.


15. Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.

16. Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang. Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.


17. Ulah tatapa ka nu teu nyata, Ulah seumedi di tempat nu buni. Prak geura tembrakeun di payuneun indung bapa. Sabab indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang ka alam dunya.

18. Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.

Demikian 18 Sajak Sunda Pepeling Diri Pepeling Sunda Sedih Bikin Merinding semoga dapat bermanfaat terimakasih.

source: basasunda.com